Sunda

Salah sahiji kasenian Sunda anu populér di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung télévisi, wayang golék beuki dipikaresep baé ku balaréa, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golék, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana baé Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot atawa Astrajingga, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yén kasenian wayang golék téh geus raket pisan jeung batin urang Sunda. Wayang golék teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sindén), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang). Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golék nyaéta dalang anu pancénna ngalalakonkeun carita. Kamahéran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang téh diperedih pisan kamahéranana dina rupa-rupa widang. Asép Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balaréa téh lantaran kamahéranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar. Salian ti ngigelkeun wayang, dalang ogé ngagunakeun parabot séjén nyaéta campala jeung kecrék. Campala téh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrék pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding. Di sagédéngeun dalang, nayaga ogé nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan téh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golék diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab. Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sindén, nyaéta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sindén luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana baé dina peristiwa pikasediheun sindén nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb. Carita wayang téh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kurusétra anu kawéntar Perang Baratayuda. Ari Ramayana nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Aléngka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk manéh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina. Sanajan asalna ti India, wayang téh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu baé urang kudu milu ngariksa sangkan wayang golék tetep langgeng dipikaresep ku balaréa. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golék.

Indonesia

Salah satu kesenian Sunda yang populer di masyarakat kita hari ini adalah pertunjukan boneka. Bahkan setelah itu bisa disiarkan di radio dan televisi, wayang golek semakin digemari masyarakat, baik di kota atau filmburan. Jika ada yang ingin menonton filmnya lihat, penontonnya biasanya dari mana saja. Saya seorang karakter tokohnya dalam pertunjukan wayang golek namun cukup dikenal oleh masyarakat orang-orang, seperti Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot atau Astrajingga, dll. Ini merupakan bukti seni pedalangan golek sangat dekat di hati masyarakat sunda. Teh wayang golek suatu pertunjukan yang merupakan perpaduan beberapa unsur seni, yaitu seni sastra (lalakon), seni nyanyian (gamelan) dan seni swara (sinden), dan seni gerak atau tari (gerakan wayang). Apa yang terjadi Pemimpin dalam pertunjukan wayang adalah dalang memerankan ceritanya. Keahlian dalang dalam bercerita, membuat wayang, untuk menyampaikan lelucon atau bercanda, biasanya itu adalah ukuran ketertarikan tidak adanya pertunjukan wayang oleh penonton. Karena itu, dalangnya adalah keahliannya di berbagai bidang sangat diapresiasi.Asep Sunandar Sunarya, misalnya, dalang yang kini tenar, dibuntuti penonton adalah karena kemahirannya dalam berbagai bidang seni dan bisa menyarankan sesuatu yang baru. Selain membuat wayang, dalang juga demikian menggunakan alat lainnya adalah campala dan kecrek. Campala adalah seperti palu yang sering digunakan untuk menekankan suatu kata atau suatu peristiwa yang sedang dilakukan. Itu menyenangkan untuk menonjolkan suasana, terutama pada adegan duel. Di Selain dalang, nayaga juga memegang posisi penting. Namun yang memainkan gamelan adalah masyarakatnya. Seni Waditra yang biasa digunakan dalam wayang golek antara lain: kendang, goong, saron, bonang, jenggalong, gambang, dan rebab. Cerita yang sedang diperankan oleh dalang, sering saya selingi sinden, adalah seorang penyanyi yang menyanyikan lagu. Biasanya lagu tersebut dinyanyikan oleh masyarakat sesuai dengan acaranya misalnya, dalam peristiwa yang menyedihkan menyanyikan lagu sedih, dll. Cerita wayang berasal dari saya India, babon dari kitab Mahabharata yang ditulis oleh Wiyasa dan Ramayana yang ditulis oleh Walmiki.Mahabharata menceritakan tentang keturunan Pandawa dan Korawa yang mengklaim tanah nenek moyangnya, menjelang berakhirnya perang di Tegal Kurusétra yang terkenal dengan perangnya Baratayuda. Ari Ramayana menceritakan kisah Rama dan Sinta. Di Ramayana ada penggalan cerita Sinta diculik Rahwana, raja negeri Alengka. Setelah perang, Sinta bisa dimiliki lagi oleh Rama dan disuruh mengikuti api (membakarmu) untuk membuktikan dia tidak bersalah. Meski berasal dari India, namun wayangnya sudah ada menjadi aset budaya Sunda. Karena itu, sebagai orang Sunda tentunya Kita harus ikut serta dalam penyelidikan agar wayang golek tetap lestari disukai orang banyak. Setidaknya kita harus berada di sana menikmati seni pedalangan.

Kamussunda.com | Bagaimana cara menggunakan penerjemah teks bahasa Sunda-Indonesia?

Semua data terjemahan dikumpulkan melalui Kamussunda.com. Data yang dikumpulkan terbuka untuk semua, dibagikan secara anonim. Oleh karena itu, kami mengingatkan Anda bahwa informasi dan data pribadi Anda tidak boleh disertakan dalam terjemahan Anda menggunakan Penerjemah Sunda. Konten yang dibuat dari terjemahan pengguna Kamussunda.com juga gaul, tidak senonoh, dll. artikel dapat ditemukan. Karena terjemahan yang dibuat mungkin tidak cocok untuk orang-orang dari segala usia dan segmen, kami menyarankan Anda untuk tidak menggunakan sistem Anda jika Anda mengalami ketidaknyamanan. Penghinaan terhadap hak cipta atau kepribadian dalam konten yang ditambahkan pengguna kami dengan terjemahan. Jika ada elemen, pengaturan yang diperlukan akan dibuat jika terjadi →"Kontak" dengan administrasi situs. Proofreading adalah langkah terakhir dalam mengedit, dengan fokus pada pemeriksaan tingkat permukaan teks: tata bahasa, ejaan, tanda baca, dan fitur formal lainnya seperti gaya dan format kutipan. Proofreading tidak melibatkan modifikasi substansial dari isi dan bentuk teks. Tujuan utamanya adalah untuk memastikan bahwa karya tersebut dipoles dan siap untuk diterbitkan.


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)