Sunda

anggung poék kénéh basa kadéngé sora sapatu, barisan sapatu, laju sora kendaraan, sora piriwit, sora buldoser, sora tangkal runtuh, sora wangunan nu diancurkeun… Sora nu takbir. Sora nu ceurik kanyenyerian. Sora-sora awor. Lampu caang lalaunan. Sababaraha urang Rahayat katémbong dina kaayaan teu walakaya pikeun mélaan harta bandana. Aya Pasukan Peteng nu ngepung. Aya mahluk-mahluk ahéng nu keur ngancurkeun kahirupanana. Rahayat : Imah kuring! Kadéngé sora nu seuri. Rahayat : Kebon kuring! Kadéngé sora nu seuri. Rahayat : Tatangkalan kuring! Kadéngé sora nu seuri. Rahayat : Tempat ibadah kuring! Kadéngé sora nu seuri. tarung – nunu nazarudin azhar - 2 Rahayat : Kahirupan kuring! Kadéngé sora nu seuri. Rahayat : Impian kuring! Kadéngé sora nu seuri. Laju aya sora tina toa. Toa : Kahirupan kami lain seungseurikeuneun! Kahirupan kami lain bahan kaulinan! Kahirupan kami lain lulucon! Kawajiban nagara téh nangtayungan rahayatna, mélaan rahayatna, lain pikeun ngancurkeun kahirupan rahayatna! Nyieun waduk, nyieun bandara, nyieun pabrik semén, méré ijin ka nu nyieun pabrik itu ieu, nyieun jalan tol, pék téh teuing, tapi ulah ngorbankeun kahirupan rahayat! Pangwangunan kudu dilaksanakeun dumasar kana kaadilan, kudu merhatikeun kana aspék kamanusaan, aspék budaya, alam jeung lingkungan. Pangwangunan mémang penting, tapi nagara ulah ukur biluk kana kahayang pengusaha jeung invéstor bari nyangsarakeun rahayatna! Nagara lain ukur pikeun ngaladénan jalma kaya, tapi nagara kudu karasa ayana pikeun jalma nu mariskin, kaom tani, kaom buruh, jalma-jalma masakat nu salila ieu ukur jadi korban pangwangunan! Hidup rahayat! Hidup patani! Sora sapatu tingkedepruk. Pasukan Peteng ngangseg. Rahayat mundur, ngahiji. Sieun, tapi kaciri taki-taki. Peteng : Saha nu cikénéh nyarita? Rahayat rék némbalan, tapi kabéh asa-asa. Tingkecewis. Peteng : Saha nu cikénéh nyarita? Rahayat silih teumbleuhkeun. Peteng : Saha nu cikénéh nyarita? Ti antara Rahayat, Ma Siti nangtung. Ma Siti : Kuring! Kuring nu nyarita! Pasukan Peteng ngagakgak seuri. Darma nangtung. Darma : Kuring! Pasukan Peteng seuri deui. tarung – nunu nazarudin azhar - 3 Rahayat narangtung. Rahayat : Kuring nu nyarita! Pasukan Peteng eureun seurina. Rahayat kabéh sayaga. Pasukan Peteng rada mundur. Nyekel bedilna. Kaayaan karasa geueuman. Peteng : Maranéh apal naon hukumna mun rahayat ngalawan ka pamaréntah? Ma Siti : Kuring ukur hayang nyarita! Salila ieu kuring kabéh teu dibéré kasempetan pikeun nyarita! Peteng : Nya rék nyarita naon deui atuh? Sagalarupana geus bérés! Saluyu jeung aturan! Ma Siti : Aturan nu mana? Aturan nu dijieun ku maranéh? Peteng : Aturan nagara! Aturan nu jieun ku pamaréntah! Ma Siti : Kuring rumasa bodo, teu apal kumaha aturan nu ceuk pamaréntah bener. Tapi kuring salaku rahayat boga aturan nu salila ieu jadi ugeran kahirupan. Aturan nu kuduna jadi dasar tinimbangan pamaréntah saméméh ngalakukeun pagawéan nu ku maranéhna disebut pangwangunan! Rahayat ngaracungkeun peureup. Nyumangetan Ma Siti. Ma Siti : Kuring kabéh ukur patani. Ukur bulu taneuh, ukur apal yén aya wasiat karuhun nu kudu dicekel pageuh. Aya tatali paranti nu kudu dipupusti. Aya ugeran sangkan teu ngaruksak alam wariskeuneun ka anak incu. Peteng : Jadi rék angger ngalawan ieu téh? Rék mélaan naon deui? Deuleu, ieu tempat geus jadi milik pamaréntah. Kabéh geus nandatangan masrahkeun tanahna pikeun pangwangunan nagara! Darma : Kuring mémang kungsi nandatangan, basa kabéh dititah datang ka balé désa. Tapi lain pikeun masrahkeun taneuh nu salila ieu jadi lahan pangupa jiwa! Peteng : Kabéh kudu biluk kana aturan nagara! Ma Siti : Tapi urang dieu gé boga aturan! Teu meunang ngaruksak séké cai, teu meunang ngagunasika leuweung larangan, teu meunang ngiruhan walungan! Peteng : Di dieu ukur aya aturan nagara! Aturan nu sah! Nu geus jadi undang-undang, disahkeun ku wawakil maranéh di parlemén! Rahayat 1 : Wawakil kuring? Wakil rahayat? Peteng : Heueuh! Rahayat 1 : Aéh heueuh, urang téh boga wakil rahayat. Karék inget. Maranéhna nu harita kungsi datang ka ieu lembur, ngagorah nyarita ngeunaan pangwangunan, ngeunaan karaharjaan. Rahayat 2 : Heueuh, harita méméh pemilu. Datang ngabagikeun sarung jeung kartu nama. Rahayat 3 : Méré béas tilu léter… Rahayat 4 : Méré harepan. Harita. Datang sababaraha urang ka dieu, ménta dipilih… tarung – nunu nazarudin azhar - 4 Rahayat 1 : Tapi sanggeus pemilu réngsé maranéhna teu daratang deui. Taya hiji gé nu bisa ngabuktikeun sakur jangjina ka urang dieu. Ma Siti : Nu cenah rék bébéla ka rahayat téh, buktina mana? Rahayat di dieu katalangsara lantaran kahirupanana diancurkeun gé, taya nu ngelol saésé-ésé acan! Malah ceuk tadi, kanyataan nu kiwari lumangsung téh horéng dumasar kana aturan nu dijarieun ku maranéhna! Peteng : Palinter nyarita geuning maranéh téh. Peteng : Nyurigakeun! Peteng : Pasti aya nu mapatahan. Peteng : Pasti aya nu mangaruhan! Peteng : Provokator! Ma Siti : Kuring nyarita lantaran boga sungut jeung haté. Pasukan peteng ngokang bedilna.

Indonesia

panggung masih gelap ketika terdengar suara sepatu, deretan sepatu, kecepatan suara kendaraan, suara peluit, suara buldoser, suara pohon tumbang, suara Bangunan itu hancur... Suara takbir. Suara tangis kesakitan. Suara jelek. Cahaya perlahan bersinar. Beberapa orang terlihat di situasinya tidak berbahaya untuk melindungi harta bendanya. Ada pasukan Kegelapan mengelilingi. Ada makhluk aneh yang merusak hidupnya. Orang-orang: Rumahku! Saya mendengar suara tawa. Orang-orang: Kebunku! Saya mendengar suara tawa. Rakyat : Pohonku! Saya mendengar suara tawa. Orang-orang: Tempat ibadahku! Saya mendengar suara tawa. pertarungan - nunu nazarudin azhar - 2 Orang-orang: Hidupku! Saya mendengar suara tawa. Orang-orang: Impianku! Saya mendengar suara tawa. Ada suara dari toa. Toa : Hidup kami tidak lucu! Hidup kita berbeda materi permainan! Hidup kita bukan lelucon! Tugas negara melindungi rakyatnya, melindungi rakyatnya, bukan orang lain untuk menghancurkan kehidupan rakyatnya! membuat waduk, membangun bandara, membangun pabrik semen, memberi izin kepada pembangunnya Pabrik ini, bangun tol, keterlaluan, tapi jangan mengorbankan nyawa orang!Konstruksi harus dilaksanakan berdasarkan keadilan, harus memperhatikan pada aspek kemanusiaan, aspek kebudayaan, alam dan Pembangunan lingkungan hidup itu penting, tapi negaranya tidak hanya sesuai keinginan pengusaha dan investor untuk sementara waktu membuat rakyatnya menderita! Negara ini bukan hanya untuk melayani orang kaya, namun negara harus merasakan eksistensinya orang miskin, petani, buruh, rakyat rakyat yang selama ini hanya menjadi korban pembangunan! Hidup rakyat! Kehidupan petani! Suara sepatu berderak. Kekuatan Gelap sedang sibuk. Orang-orang mundur, bersatu. Takut, tapi sepertinya taki-taki. Kegelapan: Siapa yang berbicara? Rakyat ingin melawan, tapi semua orang tidak punya harapan. Tingkewes. Kegelapan: Siapa yang berbicara? Orang-orang saling membantu. Kegelapan: Siapa yang berbicara? Dari tengah masyarakat, Ma Siti berdiri. Ma Siti : Aku! saya berbicara! Kekuatan Gelap tertawa terbahak-bahak. Darma berdiri. Darma: Aku! Kekuatan Gelap tertawa lagi. pertarungan - nunu nazarudin azhar - 3 Orang-orang itu berdiri. Orang-orang: Saya berbicara! Kekuatan Gelap berhenti tertawa. Semua orang sudah siap. Kekuatan Gelap mundur sedikit. Ambil pistolnya. Situasinya terasa canggung. Kegelapan: Anda tahu apa hukumnya ketika orang-orang melawan Anda pemerintah? Ma Siti : Saya hanya ingin bicara!Selama ini saya tidak diberi apa pun kesempatan untuk berbicara! Kegelapan: Apa lagi yang ingin kamu katakan? Semuanya sudah selesai! Patuhi aturan! Ma Siti : Aturan yang mana? Aturan yang Anda buat? Kegelapan: Aturan negara! Aturan yang dibuat oleh pemerintah! Ma Siti : Saya merasa bodoh, saya tidak ingat apa aturannya pemerintah benar. Tapi saya sebagai masyarakat punya aturannya selama ini menjadi masalah hidup. Aturannya harus mendasar pertimbangan pemerintah sebelum melakukan pekerjaan mereka menyebutnya pengembangan! Rakyatnya sudah keracunan. Nyumangetan Ma Siti. Ma Siti : Saya semua hanya petani. Ingatlah bahwa itu ada di sana wasiat nenek moyang yang harus dipegang teguh. Ada serangkaian perangkat harus dihancurkan. Ada anjuran untuk tidak merusak alam mewariskannya kepada cucu-cucumu. Darkness: Jadi kamu ingin melawan ini? Apa lagi yang kamu inginkan? Sebelumnya, tempat ini telah dimiliki oleh pemerintah. Semua punya menandatangani penyerahan tanah untuk pembangunan negara! Darma: Saya menandatanganinya, ketika semua orang diberitahu datang ke balai desa. Namun tidak untuk menyerahkan tanah tersebut selama ini adalah tanah jiwa! Gelap: Semua harus mengikuti aturan negara! Ma Siti : Tapi kami punya peraturan di sini!Jangan merusak ceknya air, tidak diperbolehkan menggunakan hutan terlarang, tidak pergi ke sungai! Kegelapan: Di sini hanya ada aturan negara! Aturannya valid! Itu telah terjadi undang-undang, disetujui oleh perwakilan Anda di parlemen! Orang 1 : Perwakilan saya? Wakil rakyat? Kegelapan: Tidak! Orang 1 : Oh tidak, kami punya wakil rakyat. Baru ingat. Merekalah yang datang ke wilayah ini, mereka marah bicara tentang pembangunan, tentang kesejahteraan. Orang 2: Tidak, itu sebelum pemilu. Datang dan bagikan sarung tangan dan kartu nama. Orang 3 : Berikan nasi dengan tiga huruf... Orang 4 : Memberi harapan. Peta. Datanglah beberapa orang ke sini, dipilih… pertarungan - nunu nazarudin azhar - 4 Orang 1: Tapi setelah pemilu, mereka tidak kembali. Tidak ada yang bisa membuktikan janji apa pun kepada kami di sini. Ma Siti : Buktinya dia bilang mau cerita ke masyarakat apa? Orang-orang di disini penderitaan karena hidupnya akan hancur, tidak itu sangat bagus! Bahkan dikatakan sebelumnya, kenyataannya sekarang terjadi tidak berdasarkan aturan yang saya buat mereka! Peteng: Itu cara yang cerdas untuk berbicara denganmu. Gelap : Mencurigakan! Kegelapan: Pasti ada sesuatu yang rusak.Darkness : Pasti ada pengaruhnya! Gelap : Provokator! Ma Siti : Aku berbicara karena aku mempunyai mulut dan hati. Pasukan gelap mengambil senjatanya.

Kamussunda.com | Bagaimana cara menggunakan penerjemah teks bahasa Sunda-Indonesia?

Semua data terjemahan dikumpulkan melalui Kamussunda.com. Data yang dikumpulkan terbuka untuk semua, dibagikan secara anonim. Oleh karena itu, kami mengingatkan Anda bahwa informasi dan data pribadi Anda tidak boleh disertakan dalam terjemahan Anda menggunakan Penerjemah Sunda. Konten yang dibuat dari terjemahan pengguna Kamussunda.com juga gaul, tidak senonoh, dll. artikel dapat ditemukan. Karena terjemahan yang dibuat mungkin tidak cocok untuk orang-orang dari segala usia dan segmen, kami menyarankan Anda untuk tidak menggunakan sistem Anda jika Anda mengalami ketidaknyamanan. Penghinaan terhadap hak cipta atau kepribadian dalam konten yang ditambahkan pengguna kami dengan terjemahan. Jika ada elemen, pengaturan yang diperlukan akan dibuat jika terjadi →"Kontak" dengan administrasi situs. Proofreading adalah langkah terakhir dalam mengedit, dengan fokus pada pemeriksaan tingkat permukaan teks: tata bahasa, ejaan, tanda baca, dan fitur formal lainnya seperti gaya dan format kutipan. Proofreading tidak melibatkan modifikasi substansial dari isi dan bentuk teks. Tujuan utamanya adalah untuk memastikan bahwa karya tersebut dipoles dan siap untuk diterbitkan.


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)