Sunda

Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Babon carita wayang téh asalna tina lalakon Mahabarata jeung Ramayana. Ari wayang téh robahan tina kecap bayang anu hartina 'kalangkang. Dina pagelaran wayang kulit, nu sok dilalajoanana téh biasana sok kalangkang nu katémbong tina kelir (layar) ku ayana cahaya tina balincong Ceuk katerangan, jungkiringna éta kalangkang téh cenah teu bina ti jalma nu sariring dumadina nu sok ditingali téh laku lampahna. Mahabarata téh nyaéta carita anu nyaritakeun lalakon terah Barata. Ari Ramayana buku anu nyaritakeun Batara Rama. Umurna éta buku téh leuwih ti 2.000 taun. Ceuk ujaring carita, lalakon Mahabarata dianggit ku Wiyasa dina wangun puisi, anu panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka, pangpanjangna sadunya. Dina lalakon Mahabarata anu nyekel kaadilan teh Pandawa ari anu murka nyaéta Kurawa. Ari dina lalakon Ramayana anu nyekel kaadilan téh Batara Rama, ari anu murka nyaéta Prabu Rahwana atawa Dasamuka. Pihak nu nyekel kaadilan salawasna diasupan ku titisan Batara Wisnu. Dina Mahabarata titisan Batara Kresna, ari dina Ramayana nya Rama. Saperlimana tina 200.000 jajar lalakon Mahabarata nyaritakeun pokona jejer. Ari sésana mah nyaritakeun lalakon para dewa, para raja, para pandita, kajadian alam, tata nagara, palasipah, kawajiban nu kumelip nurutkeun agama jeung katartiban hirup kumbuh, atawa carita-carita anu loba picontoeunana. Sabagéan tina Mahabarata disebutna "Bagawat Gita, hartina puisi pujaan déwa (Batara Siwa) atawa puisi anu ngayuga, panjangna 1.400 jajar atawa 700 sloka. Eusina nyaritakeun paguneman antara Batara Kresna jeung Arjuna dina méméh Perang Baratayuda di Tegal Kurusétra, lantaran Arjuna ngarasa sedih kudu perang jeung dulurna. Éta perang lilana 18 poé. Bagawat Gita téh medar pangaweruh kadéwaan, alam, élmu jiwa, jeung katartiban hirup kumbuh. Ari lalakon Ramayana anggitan Walmiki, sarua disusun dina wangun puisi anu panjangna 48.000 jajar atawa 24.000 sloka. Eusina nyaritakeun kaluhungan Batara Rama ti Karajaan Ayodia, anu istrina nyaéta Déwi Sinta, diculik ku Rahwana ti Karajaan Alengka. Boh dina Mahabarata boh dina Ramayana, poko jejerna mah sarua baé, nyaéta peperangan antara nu nyekel kaadilan jeung nu murka

Indonesia

Cerita wayang merupakan cerita yang sering diperankan dalam sebuah pertunjukan wayang golek. Cerita wayang babon berasal dari Mahabharata dan Ramayana. Ari wayang merupakan variasi dari kata bayang yang berarti 'bayangan'. Dalam pertunjukan wayang kulit yang sering ditonton biasanya berupa bayangan yang terlihat dari warna (layar) akibat adanya cahaya dari balincong. Mahabharata merupakan kisah yang menceritakan kisah Barata. Ari Ramayana merupakan kitab yang menceritakan kisah Batara Rama. Buku itu berusia lebih dari 2.000 tahun. Menurut cerita, Mahabharata ditulis oleh Wiyasa dalam bentuk puisi, yaitu 200.000 baris atau 100.000 sloka terpanjang di dunia. Dalam kisah Mahabharata, yang memegang keadilan adalah Pandawa dan yang marah adalah Kurawa. Dalam drama Ramayana yang memegang keadilan adalah Batara Rama, sedangkan yang marah adalah Prabu Rahwana atau Dasamuka. Pihak yang memegang keadilan selalu dimasuki oleh penjelmaan Batara Wisnu. Kalau di Mahabharata titisan Kresna, tapi di Ramayana inkarnasinya Rama. Seperlima dari 200.000 baris Mahabharata menceritakan kisah pokok utama.Selebihnya saya akan menceritakan kisah para dewa, raja, pendeta, peristiwa alam, perencanaan negara, adat istiadat, kewajiban menurut agama dan tatanan kehidupan, atau cerita yang banyak contohnya. Salah satu bagian dari Mahabharata berjudul “Bagawat Gita yang artinya puisi pemujaan kepada dewa (Siwa) atau puisi para dewa yang panjangnya 1.400 baris atau 700 sloka. Isinya menceritakan tentang percakapan antara Batara Kresna dan Arjuna sebelum Perang Baratayuda di Tegal Kurusétra, karena Arjuna merasa sedih harus berperang dengan saudara-saudaranya. Itulah perang yang terjadi berlangsung 18 hari. psikologi, dan tatanan kehidupan. Kisah Ramayana karya Walmiki, disusun dalam bentuk puisi dengan panjang 48.000 baris atau 24.000 sloka. Isinya menceritakan tentang kehebatan Batara Rama dari Kerajaan Ayodia yang istrinya adalah Dewi Sinta yang diculik oleh Rahwana dari Kerajaan Alengka. Baik dalam Mahabharata maupun Ramayana, itu tema utamanya sama, yaitu pertarungan antara pihak yang menganut keadilan dan murka

Kamussunda.com | Bagaimana cara menggunakan penerjemah teks bahasa Sunda-Indonesia?

Semua data terjemahan dikumpulkan melalui Kamussunda.com. Data yang dikumpulkan terbuka untuk semua, dibagikan secara anonim. Oleh karena itu, kami mengingatkan Anda bahwa informasi dan data pribadi Anda tidak boleh disertakan dalam terjemahan Anda menggunakan Penerjemah Sunda. Konten yang dibuat dari terjemahan pengguna Kamussunda.com juga gaul, tidak senonoh, dll. artikel dapat ditemukan. Karena terjemahan yang dibuat mungkin tidak cocok untuk orang-orang dari segala usia dan segmen, kami menyarankan Anda untuk tidak menggunakan sistem Anda jika Anda mengalami ketidaknyamanan. Penghinaan terhadap hak cipta atau kepribadian dalam konten yang ditambahkan pengguna kami dengan terjemahan. Jika ada elemen, pengaturan yang diperlukan akan dibuat jika terjadi →"Kontak" dengan administrasi situs. Proofreading adalah langkah terakhir dalam mengedit, dengan fokus pada pemeriksaan tingkat permukaan teks: tata bahasa, ejaan, tanda baca, dan fitur formal lainnya seperti gaya dan format kutipan. Proofreading tidak melibatkan modifikasi substansial dari isi dan bentuk teks. Tujuan utamanya adalah untuk memastikan bahwa karya tersebut dipoles dan siap untuk diterbitkan.


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)