Arjuna Nohonan Paréntah Indra Kacaritakeun dina hiji mangsa, di Kahyangan Bathara Indra diancam ku buta nu ngaranna Niwatakawaca. Manéhna siap ngontrog jeung ngaruksak kahyangan Bathara Indra. Niwatakawaca moal bisa diéléhkeun ku saha waé, 'boh déwa boh buta séjénna. Ku sabab kitu Bathara Indra mutuskeun pikeun ménta bantuan manusa dina nyanghareupan éta buta. Pilihanna tumiba ka Arjuna, putra panengah Pandawa, nu harita keur tapa di Gunung Indrakila. Bathara Indra mimiti nguji kapancegan Arjuna dina ngalaksanakeun tapa. Tujuh déwi anu kageulisanana teu matak cangcaya deui ditimbalan pikeun ngalaksanakeun ieu tugas. Déwi anu paling penting tina tujuh déwi nya éta Suprabha jeung Tilottama. Éta tujuh déwi diutus pikeun ngagunakeun sagala kamampuh jeung kageulisanana pikeun ngagoda Arjuna. Suprabha jeung genep déwi séjénna miang ka tempat tapa Arjuna, nya éta Gunung Indrakala, pikeun ngalaksanakeun tugas. Déwi-déwi anu kageulisanana éstu matak pikahéraneun anjog ka guha tempat Arjuna tapa. Maranéhna mimiti ngagoda Arjuna ku cara némbongkeun sakabéh kageulisan maranéhanana sarta ngagunakeun sakabéh akalna sangkan Arjuna bisa kagoda. Tapi, usaha maranéhna teu ngahasilkeun. Tangtu kacida kuciwana, ahirna balik ka kahyangan sarta ngalaporkeun ka Bathara Indra. Ngadéngé béja ti dewi utusanana, Bathara Indra bungah, lantaran ngabuktikeun yén Arjuna teh jalma nu bener tur pantes pikeun dipilih jadi lawan Niwatakawaca. Tapi Indra masih kénéh cangcaya, masih kénéh nanya naon maksud Arjuna nu sabenerna dina tapa, naha pikeun ngahontal kabagjaan jeung kakuatan pikeun dirina sorangan hungkul, nepi ka teu merhatikeun kasalametan jalma séjén? Bathara Indra tuluy sacara pribadi turut çampur dina éta hal, manéhna ngadatangan Arjuna bari nyamar jadi kolot anu pikun tur bongkok. Éta panyamaran Bathara Indra ngageuingkeun jeung nguji Arjuna nu tuluy eureun semédi sarta ngabagéakeun sang resi kalayan hormat. Maranéhna tuluy ancrub dina obrolan nu husu tur teleb. Salila adu obrolan lumangsung. digambarkeun pedaran kakuatan jeung pelesir dina harti sabenerna. Arjuna ahina ngarti kana sagala nu dijelaskeun ku Bathara Indra, tuluy negeskeun yén tujuan tapana ngan pikeun nyumponan kawajibanana salaku satria sarta ngabantu Yudhistira lanceukna pikeun ngarebut deui karajaanana demi karaharjaan dunya. Ngadéngé jawaban Arjuna, Bathara ngarasa sugema jeung yakin, tuluy ngungkabkeun saha manéhna nu sabenerna. Bathara Indra tuluy mulang ka kahyangan, sedengkeun Arjuna neruskeun paneda. Raja Buta ngadéngé kajadian di Gunung Indrakila. Manéhna tuluy ngutus buta nu ngaranna Muka pikeun maéhan Arjuna. Muka robah wujud jadi bagong, ngaruksak leuweung sabudeureun patapaanna Arjuna. Arjuna ngadéngé aya nu gegeroan, langsung kaluar ti guha patapaanna bari mawa pakarang. Dina waktu anu sarua, Bathara Siwa ogé ngadéngé kumaha Arjuna tapa, terus manéhna ogé turun dina wujud tukang moro ti Suku Kirata.. Arjuna ngaleupaskeun panahna pikeun maéhan bagong anu nyababkeun karusuhan. Dina waktu anu sarua, paninggaran Kirata, nu mangrupa panyamaran Siwa, ngalakukeun hal anu sarua. Dua panah maranéhanana tétéla ngahiji sarta maéhan bagongna. Ku sabab éta, muncul silih adu argumen nu panas sarta ahirna ngabalukarkeun perang. Arjuna ampir-ampiran éléh, tuluy néwak suku lawanna, tapi dina éta waktu, wujud paninggaran ngaleungit tuluy Siwa muncul. Bathara Siwa ngadeg salaku ardhanariswara "Satengah Lalaki, Satengah Awéwé", dina kembang Padma. Kalayan hormat jeung ihlas, Arjuna nyembah kalayan lagu pujian anu negeskeun pangakuanna ka Siwa anu punjul dina sagala hal. Siwa tuluy méré Arjuna hadiah panah nu disebut Pasupati. Arjuna ogé dibéré pangaweruh magis ngeunaan cara ngagunakeun panah. Bari Arjuna mikir-mikir naha kudu balik deui ka dulurna, datang dua aspara (satengah déwa, satengah manusa), utusan ti kahyangan anu mawa surat ti dėwa Indra. Eusi suratna ménta sangkan Arjuna némbongan mantuan para déwa maéhan Niwatakawaca. Arjuna jadi cangcaya sabab hartina bakal leuwih lila papisah jeung kulawargana. Tapi ahirna sapuk, tuluy tiluanana indit ka kahyangan Bathara Indra. Sanepina di Kahyangan, Arjuna dipapag ku para bidadari anu geulisna kawanti-wanti. Bathara Indra tuluy nyaritakeun kaayaan di Kahyangan alatan kalakuan Niwatakawaca. Buta ngan bisa diéléhkeun ku manusa tapi kudu nyaho heula kalemahana. Déwi anu bakal ditugaskeun indit ka karaton jeung manggihan rusiah buta nya éta Suprabha. Manéhna geus lila jadi udagan buta. Arjuna dibéré pancén pikeun marengan Suprabha dina ieu misi. Arjuna satuju tuluy turun ka bumi. Ahirna maranéhna anjog ka karaton raja buta, tempat tatahar keur perang ngalawan Déwata. Suprabha mimitina ngarasa cangcaya naha manéhna bisa ngalaksanakeun pancén anu ditugaskeun, tapi Arjuna ngadorong jeung nguatan yén manéhna bakal suksés salila ngagunakeun sagala tipu daya sakumaha nalika ngagoda Arjuna basa tapa. Suprabha tuluy indit ka mestika (aula kristal murni), di tengah-tengah palataran karaton. Ari Arjuna nuturkeun Suprabha, tapi makė ajian supaya henteu katingali ku jalma. Sababaraha urang praméswari anu keur ngobrol nempo kadatangan Suprabha sarta ngabagéakeun dirina bari nanya ngeunaan kaayaan sawarga. Sawatara wanoja anu keur nungguan ieu ogé aya di karaton Indra. Suprabha ngomong yén manéhna ninggalkeun sawarga tina kahayang sorangan pikeun tepung jeung Niwatakawaca. Dua awéwé ngadeuheus ka raja jeung ngabéjaan yén Suprabha parantos ngantosan lami. Raja langsung ka Taman Sari sarta nangkeup Suprabha dina pangkonana. Suprabha nampik sagala keukeuh nafsu Niwatakawaca sarta ménta raja ngantosan dugi subuh. Suprabha nyobaan ngarayu ku cara muji kakuatan gaib raja nu teu bisa diéléhkeun, tuluy manéhna nanya tapa naon nu bisa ngabalukarkeun manéhna diginuluran kakuatan gaib nu luar biasa. Niwatakaca digoda ku rayuan Suprabha sarta ngungkabkeun rusiahna. Cenah mah tungtung létah téh tempat sihirna. Nalika Arjuna ngadangu pangakuan Niwatakawaca, manéhna tuluy ninggalkeun tempat nyumputna sareng ngancurkeun gapura karaton. Niwatakawaca reuwas ngadéngé gegeroan nu dahsyat, Suprabha ngagunakeun momen pikeun kabur jeung Arjuna. Sadar yén ditipu, raja murka pisan, manéhna tuluy maréntahkeun pasukanana pikeun gura-giru indit pikeun ngalawan déwata. Sawarga dipinuhan ku kabungah lantaran Arjuna jeung Suprabha bisa balik kalawan salamet, utamana mah Indra geus hasil manggihan kalemahan buta nu keur nyieun kasulitan di kahyangan. Para déwa terus ngabahas siasat kumaha carana ngusir musuh, tapi ngan Indra jeung Arjuna anu apal pakarang naon anu dipibanda ku maranéhna pikeun ngancurkeun lawanna. Tentara déwa, apsara sareng gandarwa keur perang di lamping kidul Himalaya. Perang campuh lumangsung, Niwatakawaca terjun kana perang sarta ngancurkeun jajaran déwa anu kapaksa mundur. Arjuna anu aya di tukangeun barisan prajurit anu mundur, nyobaan mindahkeun panitén Niwatakaca. Arjuna api-api disapu ku prajurit nu kabur, tapi manéhna geus nyiapkeun siasat. Nalika raja buta mimiti ngudag manéhna bari ngagorowok ambek, Arjuna mesatkeun panahna. Arjuna anu katelah ahli panahan, teu luput kana udaganana. Panah anu dileupaskeun némbak kana sungut raja buta jeung nembus tungtung létahna. Raja buta murag ka handap sarta maot. Tentara buta aya nu kabur jeung tiwas, sedengkeun déwa nu tadina mundur, ayeuna balik jaya. Prajurit sawarga anu geus maot dihirupkeun deui ku cai amarta. Pikeun jasana, Arjuna meunang panglélér ti kahyangan. Tujuh poé (numutkeun itungan sawarga, sarua jeung tujuh bulan di bumi, manusa bakal linggih kawas raja dina singgasana Indra. Salian ti éta, sanggeus diistrėnan, tuluy nikah jeung tujuh déwi. Anu kahiji Suprabha, ngagaduhan hak anu utama, sabab parantos ngalaksanakeun lalampahan anu pinuh ku bahaya. Kadua nya éta Tilottama, anu lima déwi anu disebutkeun nya éta Palupy jeung Menaka. Disebutkeun ogé dina Serat Mintaraga karangan Sunan Paku Buwana III nya éta Gagarmayang, Supraba, Tilottama, Warsiki jeung Warsini. Sedengkeun dina dua carita anu judulna Mintaraga (Mayer, 1924: 124), ngan disebut lima déwi, nya éta Supraba, Wilotama, Warsiki, Surendra jeung Gagarmayang. Sanggeus sababaraha poé ti harita, Arjuna mimiti ngarasa guligah, sono ka dulur-duluma. Anjeunna ngonci dirina di aula di taman jeung nyobaan ngamalirkeun rasana dina puisi, leu teu luput tina panitén Menaka jeung Tilottama. Tungtungna, manéhna nangtung tukangeun tangkal jeung ngadéngė kasusah Arjuna nyusun baris panutup bait kadua sajakna. Sanggeus tujuh poé (tujuh bulan di bumi), Arjuna ahirna pamitan ka Indra, tuluy diiringkeun deui ka bumi ku Matali dina karéta Kahyangan.
Arjuna Mengikuti Perintah Indra Dikisahkan pada suatu ketika, di Kahyangan Bathara Indra diancam oleh seorang buta bernama Niwatakawaca. Ia siap menyerang dan menghancurkan kerajaan Batara Indra. Niwatakawaca tidak dapat dikalahkan oleh siapapun, baik dewa maupun orang buta lainnya. Karena itulah Bathara Indra memutuskan untuk meminta bantuan manusia dalam menghadapi orang buta tersebut. Pilihan jatuh pada Arjuna, putra tengah Pandawa yang sedang bertapa di Gunung Indrakila. Bathara Indra mulai menguji kegigihan Arjuna dalam bermeditasi. Tujuh dewi yang kecantikannya tak perlu diragukan lagi dipanggil untuk mengemban tugas tersebut. Yang terpenting dari tujuh dewi adalah Suprabha dan Tilottama. Tujuh dewi diutus untuk menggunakan seluruh kemampuan dan kecantikannya untuk merayu Arjuna. Suprabha dan enam dewi lainnya berangkat ke tempat semedi Arjuna yaitu Gunung Indrakala untuk melaksanakan tugasnya. Para dewi yang kecantikannya sungguh mencengangkan tiba di gua tempat Arjuna bertapa. Mereka mulai merayu Arjuna dengan memperlihatkan segala kecantikannya dan menggunakan seluruh kecerdasannya agar Arjuna bisa tergoda. Namun upaya mereka tidak membuahkan hasil. Tentu saja ia sangat kecewa, akhirnya ia kembali ke kayangan dan melapor ke Bathara Indra.Mendengar kabar dari dewi pembawa pesan, Bathara Indra merasa senang, karena terbukti bahwa Arjuna adalah orang yang tepat dan layak dipilih sebagai lawan Niwatakawaca. Namun Indra masih ragu, ia masih bertanya apa sebenarnya maksud Arjuna bermeditasi, kenapa hanya untuk mencapai kebahagiaan dan kekuatan untuk dirinya sendiri, sampai-sampai tidak peduli dengan keselamatan orang lain? Bathara Indra kemudian datang sendiri ke çampur dalam hal itu, ia mengunjungi Arjuna sambil berpura-pura menjadi orang tua yang pikun dan bungkuk. Penyamaran Bathara Indra mengagetkan dan menguji Arjuna yang kemudian berhenti bertapa dan memberi salam kepada sang resi dengan hormat. Mereka kemudian terlibat dalam percakapan yang mendalam dan mendalam. Selama konfrontasi, percakapan pun terjadi. menggambarkan gambaran kekuasaan dan kesenangan dalam arti sebenarnya. Arjuna malu memahami semua yang dijelaskan Bathara Indra, lalu membenarkan bahwa tujuan bertapanya hanya untuk memenuhi tugasnya sebagai ksatria dan membantu saudaranya Yudhishthira untuk mendapatkan kembali kerajaannya demi dunia. Mendengar jawaban Arjuna, Bathara merasa puas dan percaya diri, lalu mengungkap siapa dirinya sebenarnya. Bathara Indra kemudian kembali ke kayangan, sedangkan Arjuna terus berdakwah. Raja Buta mendengar kejadian di Gunung Indrakila. Ia kemudian mengutus seorang buta bernama Muka untuk membunuh Arjuna.Muka menjelma menjadi seekor babi hutan, merusak hutan di sekitar tempat meditasi Arjuna. Arjuna mendengar keributan, segera keluar dari gua meditasinya sambil membawa senjata. Pada saat yang sama Bathara Siwa juga mendengar bagaimana Arjuna sedang bermeditasi, kemudian ia pun turun dalam wujud seorang pemburu dari Suku Kirata. Arjuna melepaskan anak panahnya untuk membunuh babi hutan penyebab kerusuhan tersebut. Di saat yang sama, Kirata yang merupakan penyamaran Shiva juga melakukan hal serupa. Kedua anak panah mereka ternyata menyatu dan membunuh babi hutan tersebut. Karena itu, muncullah perdebatan sengit dan akhirnya berujung pada perang. Arjuna hampir dikalahkan, kemudian ia menangkap kaki lawannya, namun saat itu wujud musuhnya menghilang dan Siwa muncul. Bathara Shiva berdiri sebagai ardhanariswara "Setengah Manusia, Setengah Wanita", di atas bunga Padma. Dengan penuh hormat dan keikhlasan, Arjuna melakukan pemujaan dengan nyanyian pujian yang menegaskan pengakuannya terhadap Siwa yang unggul dalam segala hal. Siwa kemudian memberi Arjuna hadiah berupa anak panah yang disebut Pasupati. Arjuna juga diberi ilmu gaib tentang cara menggunakan anak panah. Saat Arjuna memikirkan apakah ia harus kembali kepada saudaranya, datanglah dua aspara (setengah dewa, setengah manusia), utusan dari surga yang membawa surat dari dewa Indra.Isi surat tersebut meminta Arjuna muncul untuk membantu para dewa membunuh Niwatakawaca. Arjuna menjadi ragu karena itu berarti ia akan terpisah lebih lama dari keluarganya. Namun akhirnya mereka sepakat, lalu mereka bertiga berangkat ke kahyangan Bathara Indra. Begitu sampai di Surga, Arjuna disambut oleh para bidadari cantik yang memberi semangat. Bathara Indra kemudian menceritakan keadaan di Surga akibat kelakuan Niwatakawaca. Orang buta hanya bisa dikalahkan oleh manusia tetapi mereka harus mengetahui kelemahannya terlebih dahulu. Dewi yang akan ditugaskan pergi ke istana dan mengungkap rahasia kebutaan adalah Suprabha. Dia telah menjadi sasaran buta sejak lama. Arjuna diberi tugas untuk mendampingi Suprabha dalam misi ini. Arjuna menyetujuinya dan turun ke bumi. Akhirnya mereka sampai di istana raja buta, dimana peperangan melawan para Dewa sedang berlangsung. Pada mulanya Suprabha merasa ragu apakah ia dapat melaksanakan tugas yang diberikan, namun Arjuna menyemangatinya dan menegaskan bahwa ia akan berhasil jika ia menggunakan segala muslihat seperti saat menggoda Arjuna untuk bermeditasi. Suprabha kemudian pergi ke mestika (aula kristal murni), yang berada di tengah-tengah halaman istana. Saat ini Arjuna mengikuti Suprabha, namun menggunakan kerudung agar tidak terlihat orang. Beberapa prameswari yang sedang berbincang melihat kedatangan Suprabha dan menyapanya sambil menanyakan keadaan surga.Beberapa wanita yang menunggu ini juga ada di istana Indra. Suprabha berkata bahwa dia meninggalkan surga atas keinginannya sendiri untuk makan bersama Niwatakawaca. Dua wanita mendatangi raja dan memberitahunya bahwa Suprabha telah menunggu lama. Raja langsung menuju Taman Sari dan memeluk Suprabha di pangkuannya. Suprabha menolak segala desakan nafsu Niwatakawaca dan meminta raja menunggu sampai subuh. Suprabha mencoba merayunya dengan memuji kesaktian raja yang tak terkalahkan tanyanya sambil bermeditasi tentang apa yang bisa menyebabkan dirinya diliputi kesaktian yang luar biasa. Niwatakaca tergoda oleh rayuan Suprabha dan mengungkap rahasianya. Katanya, ujung lidah adalah tempat keajaiban berada. Ketika Arjuna mendengar pengakuan Niwatakawaca, ia kemudian meninggalkan tempat persembunyiannya dan menghancurkan gerbang istana. Niwatakawaca kaget mendengar keributan mengerikan itu, Suprabha memanfaatkan momen itu untuk melarikan diri bersama Arjuna. Sadar bahwa dirinya telah tertipu, raja sangat marah, ia kemudian memerintahkan pasukannya untuk bergegas melawan para dewa. Surga dipenuhi kegembiraan karena Arjuna dan Suprabha dapat kembali dengan selamat, apalagi Indra telah berhasil menemukan kelemahan buta yang menimbulkan masalah di surga.Para dewa terus berdiskusi bagaimana cara mengalahkan musuh, namun hanya Indra dan Arjuna yang mengetahui senjata apa yang mereka miliki untuk menghancurkan lawannya. Pasukan dewa, bidadari, dan gandharva bertempur di lereng selatan Himalaya. Perang pun pecah, Niwatakawaca terjun ke dalam peperangan dan menghancurkan barisan para dewa yang terpaksa mundur. Arjuna yang berada di belakang barisan prajurit yang mundur berusaha menggerakkan pengamat Niwatakaca. Arjuna terhanyut oleh prajurit yang melarikan diri, namun ia telah menyiapkan strategi. Ketika raja buta itu mulai mengejarnya sambil berteriak marah, Arjuna menembakkan panahnya. Arjuna yang terkenal sebagai pemanah ulung tak meleset dari sasarannya. Anak panah yang dilepaskan melesat ke mulut raja buta itu dan menembus ujung lidahnya. Raja yang buta itu terjatuh dan mati. Beberapa prajurit buta melarikan diri dan terbunuh, sedangkan para dewa yang sebelumnya mundur, kini kembali dengan kemenangan. Prajurit khayangan yang telah meninggal dihidupkan kembali oleh air amarta. Atas jasanya, Arjuna mendapat penghargaan dari kahyangan. Tujuh hari (menurut perhitungan surga, sama dengan tujuh bulan di bumi, manusia akan duduk bagaikan raja di singgasana Indra. Selain itu, setelah menikah, ia menikah dengan tujuh dewi. Yang pertama, Suprabha, mempunyai hak utama, karena telah menempuh perjalanan yang penuh bahaya.Yang kedua adalah Tilottama, lima dewi yang disebutkan adalah Palupy dan Menaka. Disebutkan juga dalam Serat Mintaraga karangan Sunan Paku Buwana III adalah Gagarmayang, Supraba, Tilottama, Warsiki dan Warsini. Sedangkan dalam dua cerita berjudul Mintaraga (Mayer, 1924: 124) hanya disebutkan lima dewi, yaitu Supraba, Wilotama, Warsiki, Surendra dan Gagarmayang. Beberapa hari kemudian, Arjuna mulai merasa resah, merindukan saudara-saudaranya. Dia mengunci diri di aula taman dan mencoba mengungkapkan perasaannya dalam puisi, tetapi Menaka dan Tilottama menyadarinya. Akhirnya ia berdiri di balik pohon dan mendengar kesulitan Arjuna menyusun baris penutup bait kedua puisinya. Setelah tujuh hari (tujuh bulan di bumi), Arjuna akhirnya berpamitan kepada Indra, kemudian diantar kembali ke bumi oleh Matali dengan kereta Surga.
Semua data terjemahan dikumpulkan melalui Kamussunda.com. Data yang dikumpulkan terbuka untuk semua, dibagikan secara anonim. Oleh karena itu, kami mengingatkan Anda bahwa informasi dan data pribadi Anda tidak boleh disertakan dalam terjemahan Anda menggunakan Penerjemah Sunda. Konten yang dibuat dari terjemahan pengguna Kamussunda.com juga gaul, tidak senonoh, dll. artikel dapat ditemukan. Karena terjemahan yang dibuat mungkin tidak cocok untuk orang-orang dari segala usia dan segmen, kami menyarankan Anda untuk tidak menggunakan sistem Anda jika Anda mengalami ketidaknyamanan. Penghinaan terhadap hak cipta atau kepribadian dalam konten yang ditambahkan pengguna kami dengan terjemahan. Jika ada elemen, pengaturan yang diperlukan akan dibuat jika terjadi →"Kontak" dengan administrasi situs. Proofreading adalah langkah terakhir dalam mengedit, dengan fokus pada pemeriksaan tingkat permukaan teks: tata bahasa, ejaan, tanda baca, dan fitur formal lainnya seperti gaya dan format kutipan. Proofreading tidak melibatkan modifikasi substansial dari isi dan bentuk teks. Tujuan utamanya adalah untuk memastikan bahwa karya tersebut dipoles dan siap untuk diterbitkan.
Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)